PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Budak keur meujeuhna bilatung dulang
Arti Basa Sunda
budak keur meujeuhna daék barang dahar

Arti Bahasa Indonesia
anak yang sedang suka-sukanya makan

Budak kamari sore
Arti Basa Sunda
budak leutik keneh can dewasa

Arti Bahasa Indonesia
anak kecil yang belum dewasa

Budak olo lého
Arti Basa Sunda
budak anu can aya kanyaho

Arti Bahasa Indonesia
anak yang belum tahu apa-apa

Budak rodék hulu
Arti Basa Sunda
budak can aya kanyaho

Arti Bahasa Indonesia
anak yang belum tahu apa-apa

Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah
Arti Basa Sunda
ari goloyoh kawas santri tapi sok ceceremed

Arti Bahasa Indonesia
gaya mirip santri tapi tingkah laku buruk

Buluan belut, jangjangan oray
Arti Basa Sunda
pamohalan kajadian

Arti Bahasa Indonesia
tidak mungkin terjadi

Buncir leuit loba duit
Arti Basa Sunda
beunghar sagala boga taya kakurang

Arti Bahasa Indonesia
kaya raya tidak kekurangan

Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang
Arti Basa Sunda
ginding loba pakéan anu aralus dipaké

Arti Bahasa Indonesia
gaya banyak pakaian bagus yang dipakai

Buruk-buruk papan jati
Arti Basa Sunda
hadé goréng ogé dulur sorangan

Arti Bahasa Indonesia
baik buruk juga saudara sendiri

Burung palung dulur sorangan
Arti Basa Sunda
sanajan ngéwa/keuheul/ pikakeuheuleun oge da dulur sorangan dimana meunang karerepet mah moal ngantep

Arti Bahasa Indonesia
meskipun marah pada saudara sendiri kalau dia ada kesulitan tidak bisa membiarkannya dalam kesulitan

Caang bulan dadamaran
Arti Basa Sunda
migawé hal nu teu perlu deui

Arti Bahasa Indonesia
mengerjakan sesuatu yang tidak perlu lagi

Caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan
Arti Basa Sunda
rido pisan teu goreng hate

Arti Bahasa Indonesia
rido, ikhlas tak punya hati buruk

Caang padang narawangan
Arti Basa Sunda
caang pisan atawa bisa nénjo ku panon batin ka tempat gaib

Arti Bahasa Indonesia
sangat terang atau bisa melihat hal ghaib dengan mata batin