KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Cacah rucah atah warah
Arti Basa Sunda
dianggap taya ajenna sarta bodo
Arti Bahasa Indonesia
dianggap bodoh dan tidak punya harga diri
Cadu mungkuk haram dempak
Arti Basa Sunda
sumpah anu bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara
Arti Bahasa Indonesia
sumpah yang benar-benar tidak mau/ tidak akan melakukan suatu perkara
Cadu ngalantung ka lisung
Arti Basa Sunda
awéwé henteu daék buburuhun
Arti Bahasa Indonesia
perempuan tidak mau buburuhun
Cai asa tuak bari, kéjo asa catang bobo
Arti Basa Sunda
sagala teu ngeunah lantaran keur susah atawa keur gering
Arti Bahasa Indonesia
serba tak enak karena sedang susah atau sedang sakit
Cai di hilir mah kumaha ti girangna
Arti Basa Sunda
rahayat leutik mah sok nyonto kalakuan parningpinna
Arti Bahasa Indonesia
rakyat kecil suka mencotoh/mengikuti pemimpinnya
Caina hérang laukna beunang
Arti Basa Sunda
hasil pamaksudan ku cara lantip bari teu aya pacengkadan
Arti Bahasa Indonesia
tercapai tujuan secara rapih tanpa meninggalkan masalah, sukses tanpa ekses
Campaka jadi di reuma
Arti Basa Sunda
nu geulis urang kampung/ lembur lain pipanteseunana aya di pasisian
Arti Bahasa Indonesia
yang cantik orang kampung tidak pantas ada di perkampungan
Cangkir emas eusi delan
Arti Basa Sunda
omonganana mah alus matak percaya jeung kataji, tapi haténa jahat jeung matak bahaya
Arti Bahasa Indonesia
kata-katanya bagus bikin tertarik tapi hatinya jahat dan membahayakan
Cara bueuk meunang mabuk
Arti Basa Sunda
ngeluk baé, teu lemék teu carék, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab éra tawa sieun
Arti Bahasa Indonesia
menunduk tanpa bicara atau berbuat apa-apa karena malu atau takut
Cara gaang katincak
Arti Basa Sunda
jempling pisan
Arti Bahasa Indonesia
diam/ sepi banget
Cara hurang, tai ka hulu-hulu
Arti Basa Sunda
bodo kacida
Arti Bahasa Indonesia
sangat bodoh
Cara jogjog mondok
Arti Basa Sunda
carékcok baé, gandéng naker
Arti Bahasa Indonesia
cekcok terus, sangat berisik
Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung
Arti Basa Sunda
pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur
Arti Bahasa Indonesia
sangat bodoh, mudah dibohongi atau gampang ditipu orang
Sebelumnya
10
11
12
Selanjutnya
Ready to Leave?
Ă—
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.