KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Bodo kawas kebo
Arti Basa Sunda
bodo kacida
Arti Bahasa Indonesia
sangat bodoh
Boga sawah saicak
Arti Basa Sunda
boga sawah saeutik
Arti Bahasa Indonesia
punya sawah sedikit
Boga saku dua
Arti Basa Sunda
waspada teu babari kabobodo
Arti Bahasa Indonesia
waspada tidak mudah dibodohi
Bojo dénok sawah ledok
Arti Basa Sunda
hirup senang lantaran boga pamajikan tegep jeung banda cukup
Arti Bahasa Indonesia
hidup senang sebab punya istri cantik dan kaya raya
Bonténg ngalawan kadu
Arti Basa Sunda
nu leutik ngalawan nu gedé
Arti Bahasa Indonesia
yang kecil melawan yang besar
Borangan ku surak
Arti Basa Sunda
éraan dina gempungan jalma réa
Arti Bahasa Indonesia
pemalu di depan umum
Bosongot badé amprotan
Arti Basa Sunda
beungeutna pikagigiseun, pikagimireun, pasemon jagoan
Arti Bahasa Indonesia
mukanya menyeramkan, menakutkan, seperti wajah jawara
Bru di juru, bro di panto, ngalayah di tengah imah
Arti Basa Sunda
jalma beunghar loba harta di mana-mana
Arti Bahasa Indonesia
kaya raya, hartanya di mana-mana
Buah ragrag moal jauh tina tangkalna
Arti Basa Sunda
sipat anak moal jauh tina sipat kolotna
Arti Bahasa Indonesia
sama dengan peribahasa buah jatuh tidak jauh dari pohonnya, yaitu sifat anak tidak jauh dari sifat orangtuanya
Bubu ngawaregan cocok
Arti Basa Sunda
méré naséhat atawa nyieun aturan anu nguntungkeun sorangan
Arti Bahasa Indonesia
memberi nasihat atau membuat aturan yang menguntungkan diri sendiri
Buburuh nyatu diupah béas
Arti Basa Sunda
nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih
Arti Bahasa Indonesia
belajar sambil dibayar atau digaji
Budak bau cikur
Arti Basa Sunda
nyaeta budak keneh anu can nyaho nanaon
Arti Bahasa Indonesia
anak kecil yang belum tahu apa-apa
Budak bau jaringao kénéh
Arti Basa Sunda
budak can aya kanyaho, budak olol-lého
Arti Bahasa Indonesia
anak yang belum tahu/ngerti apa-apa
Sebelumnya
8
9
10
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.