KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Carincing pageuh kancing, saringset pageuh iket
Arti Basa Sunda
taki-taki ngajaga kaamanan, mageuhan tulak jeung sajabana, bisi aya bancang pakéwuh
Arti Bahasa Indonesia
siap siaga menjaga keamanan, menjaga rumah takutnya ada bahaya
Cicing dina sihung maung
Arti Basa Sunda
jelema anu nyusahkeun atawa bakal nyilakakeun ka diri urang, deukeut jeung gegeden
Arti Bahasa Indonesia
orang yang bakal nyusahin, punya relasi orang penting
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
Arti Basa Sunda
ku leukeun mah nu hese oge lila-lila jadi bisa, sanajan bodo oge ari leukeun diajarmah lila-lila oge bisa
Arti Bahasa Indonesia
rajin pangkal pandai, meskipun susah kalau terus menerus belajar pasti bisa
Cilaka dua belas
Arti Basa Sunda
cilaka gede atawa cilaka anu pohara
Arti Bahasa Indonesia
celaka luar biasa
Cileuncang mandé sagara, cécéndét mandé kiara, hunyur nandéan gunung
Arti Basa Sunda
nyaruaan ka jelema anu saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana
Arti Bahasa Indonesia
menyamai gaya hidup orang yang harkat, derajat, atau hartanya di atas kita
Ciri sabumi cara sadésa
Arti Basa Sunda
béda tempatna, béda deui adat jeung kabiasaanana
Arti Bahasa Indonesia
beda tempat beda adat dan kebiasaan
Clik putih clak hérang
Arti Basa Sunda
kaluar tina haté anu beresih, rido pisan, teu aya geuneuk maleukmeuk
Arti Bahasa Indonesia
tulus ikhlas tak ada itikad jelek
Congo-congo ku amis, mun rék amis gé puhuna
Arti Basa Sunda
nyaeta anak-anakna teu bageur, da kolotna oge henteu nyontoan
Arti Bahasa Indonesia
anak-anaknya nakal sebab orangtuanya tidak ngasih contoh yang baik
Cueut ka hareup
Arti Basa Sunda
geus kolot, téréh maot
Arti Bahasa Indonesia
sudah tua, segera dijemput ajal
Cueut ka nu hideung, ponténg ka nu konéng
Arti Basa Sunda
pilih kasih atawa teu adil
Arti Bahasa Indonesia
tidak adil, berat sebelah atau pilih kasih
Cukang tara néangan nu ngising
Arti Basa Sunda
nu butuh nu kudu datang nyampeurkeun
Arti Bahasa Indonesia
yang butuh yang harus menghampiri
Cukleuk leuweung cukleuk lamping jauh ka sintung kalapa
Arti Basa Sunda
jauh ka dulur, jauh ka baraya, jauh ka sasaha
Arti Bahasa Indonesia
jauh ke sanak saudara, jauh ke tetangga
Cukup belengur baraga naya
Arti Basa Sunda
resep méré atawa mantuan ka batur, bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan
Arti Bahasa Indonesia
suka memberi atau menolong orang lain tapi tidak memerhatikan keperluan sendiri
Sebelumnya
11
12
13
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.