KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Cul dogdog tinggal igel
Arti Basa Sunda
ninggalkeun gawé matuh lantaran migawe pagawéan séjén nu teu aya hasilna
Arti Bahasa Indonesia
meninggalkan pekerjaan baku sebab melakukan pekerjaan lain yang tak ada hasilnya
Cécéndét mandé kiara cileuncang mandé sagara
Arti Basa Sunda
nu leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar
Arti Bahasa Indonesia
wong cilik ingin menyamai orang besar/ orang kaya
Dagang oncom rancatan emas
Arti Basa Sunda
modal nu kacida gedéna, ari nu dijual jeung diarah batina teu sabaraha
Arti Bahasa Indonesia
tidak seimbang antara modal dengan barang yang dijual dan untungnya tidak seberapa
Dagang peda ka Cirebon
Arti Basa Sunda
dagang barang ka tempat nyieun éta barang
Arti Bahasa Indonesia
dagang barang ke tempat pembuatannya
Dagang pindang ka Cirebon
Arti Basa Sunda
dagang barang ka tempat nyieun éta barang
Arti Bahasa Indonesia
dagang barang ke tempat pembuatan barang tersebut
Dah bawang dah kapas
Arti Basa Sunda
jual-beuli kontan; tah barangna tah duitna
Arti Bahasa Indonesia
jual beli tunai, ada uang ada barang
Dahar kawas meri
Arti Basa Sunda
Uprat-aprét jeung ngaréméh
Arti Bahasa Indonesia
makan acak-acakan seperti bebek banyak remeh
Daharna sakésér daun
Arti Basa Sunda
daharna mindeng pisan
Arti Bahasa Indonesia
sering sekali makan
Daluang katinggang mangsi
Arti Basa Sunda
susuganan katuliskeun aya jodo (waris)
Arti Bahasa Indonesia
berharap dicatat mendapat bagian waris
Datang katénjo tarang, undur katénjo punduk
Arti Basa Sunda
tatakrama nu amit-amitan, némbongkeun yen taya geuneuk maleukmeuk atawa teu serong salingkuh
Arti Bahasa Indonesia
datang permisi, pulang juga pamit menandakan tidak ada masalah
Daék macok, embung dipacok
Arti Basa Sunda
jelema nu hayang meunang (untung) sorangan, daék menta embung dipénta
Arti Bahasa Indonesia
orang licik yang mau untung sendiri, mau minta tapi tidak mau dipinta
Desa maca cara nagara mawa tata
Arti Basa Sunda
ngagambarkeun yen kaayaan jeung adat kabiasaan di desa jeung kota (nagara) teh beda-beda
Arti Bahasa Indonesia
kebiasaan atau adat istiadat di desa dan kota berbeda
Deukeut deuleu pondok léngkah
Arti Basa Sunda
kurang pamandangan jeung teu bébas dina indit-inditan
Arti Bahasa Indonesia
kurang wawasan/pengalaman dan tidak bebas bepergian jauh
Sebelumnya
12
13
14
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.