KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Deukeut-deukeut anak taleus
Arti Basa Sunda
sakitu padeukeut teu nyaho yén baraya atawa aya kajadian penting di salah saurang di antara maranéhanana
Arti Bahasa Indonesia
tidak tahu saudara atau ada kejadian di sekitarnya padahal dekat
Deungeun-deungeun balangbalangan
Arti Basa Sunda
teu baraya atawa teu dulur saeutik oge
Arti Bahasa Indonesia
bukan saudara sedikitpun
Deungeun-deungeun haseum
Arti Basa Sunda
taya baraya saeutik-eutik acan
Arti Bahasa Indonesia
tidak ada hubungan saudara sedikitpun
Dibéré sabuku ménta sajeungkal, dibéré sajeungkal ménta sadeupa
Arti Basa Sunda
lantaran dibéré wani saeutik, jadi beuki loba paméntana sarta nyalutak (jalma kurang ajar)
Arti Bahasa Indonesia
dikasih hati minta jantung, yaitu dikasih sedikit minta banyak
Didago-dago tilewu
Arti Basa Sunda
hanas didagoan, ari pék teu datang
Arti Bahasa Indonesia
ditunggu-tunggu tidak kunjung datang
Didagoan ku sééng nyéngsréng
Arti Basa Sunda
dipikabutuh ayeuna
Arti Bahasa Indonesia
dibutuhnya segera, ditunggu kebutuhan mendesak
Dihin pinasti, anyar pinanggih
Arti Basa Sunda
sagala nu kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran; baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna kalakonanana atawa kapanggihna
Arti Bahasa Indonesia
segala yang terjadi hari ini sudah ditentukan Tuhan
Dihurunsuluhkeun disakompétdaunkeun
Arti Basa Sunda
disamarutkeun jeung nu boga dosa; nu goreng saurang, kabeh kababawa
Arti Bahasa Indonesia
disamaratakan dengan yang bersalah atau berdosa
Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngépot
Arti Basa Sunda
Teu beunang dijeujeuhkeun, tara eucreug baé
Arti Bahasa Indonesia
orang tidak bisa dijadikan apa-apa
Dijieun lalab rumbah
Arti Basa Sunda
disapirakeun, henteu diajénan
Arti Bahasa Indonesia
disepelekan tidak dihargai
Dikepung wakul buaya mangap
Arti Basa Sunda
Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna
Arti Bahasa Indonesia
Dikepung ku musuh anu samakta ku pakarangna
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban
Arti Basa Sunda
ditambang, ditalak henteu, dinapakahan ogé henteu; dipiara tapi teu diurus dahar-pakéna
Arti Bahasa Indonesia
dinikahi tapi tidak dinafkahi, tidak diceraikan tapi tidak diurus, dipiara tapi tidak diurus/dirawat
Diperih pati turta gawé
Arti Basa Sunda
dibéré papancén nu kacida beuratna, bisa jadi kudu nemahan pati
Arti Bahasa Indonesia
dimintai kerjanya, dedikasi atau pengorbanannya
Sebelumnya
13
14
15
Selanjutnya
Ready to Leave?
Ă—
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.