PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Dipiamis buah gintung
Arti Basa Sunda
disangka hadé jeung bageur, tapi buktina goréng jeung jahat

Arti Bahasa Indonesia
disangka baik tapi buktinya jelek dan jahat

Dipisudi méré budi
Arti Basa Sunda
dipiharep kalah ngambek, ngabaeudan

Arti Bahasa Indonesia
diinginkan/dicintai tapi malah memberi perangai tak sedap/membenci

Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang
Arti Basa Sunda
dihukum pati, dihukum beurat pisan

Arti Bahasa Indonesia
dihukum berat seberat-beratnya

Disuhun dina embun-embunan
Arti Basa Sunda
ditarimakeun pisan

Arti Bahasa Indonesia
sangat diterima, sangat menerima kebaikan/pemberian orang

Ditangtang diténgténg dijieun bonténg sapasi
Arti Basa Sunda
dianggap anéh atawa modél

Arti Bahasa Indonesia
dianggap aneh atau unik

Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup
Arti Basa Sunda
kekecapan keur awéwé anu kacida geulisna, taya cawadeunana

Arti Bahasa Indonesia
menggambarkan perempuan yang sangat cantik dan bertubuh bagus tanpa cela sedikitpun

Ditiung méméh hujan
Arti Basa Sunda
kudu iatna saméméh cilaka

Arti Bahasa Indonesia
jaga-jaga atau persediaan sebelum terjadi sesuatu yang tidak diharapkan

Ditiung sanggeus hujan
Arti Basa Sunda
kakara iatna sanggeus karuhan cilaka

Arti Bahasa Indonesia
baru persediaan setelah kejadian

Dogong-dogong tulak cau, geus gedé dituar batur
Arti Basa Sunda
Dogong-dogong tulak cau, geus gedé dituar batur

Arti Bahasa Indonesia
jagain calon istri orang, he. Sedang gadis dideketin, tapi nikahnya sama orang lain

Ditulis tonggong
Arti Basa Sunda
dibokong, nu boga hadas teu dibéjaan atawa teu dibawa mupakat heula

Arti Bahasa Indonesia
ditunjuk (menjabat) tanpa konfirmasi/ meminta persetujuan

Dosa salaput hulu
Arti Basa Sunda
Dosa anu geus kacida lobana

Arti Bahasa Indonesia
dosa yang sangat banyak

Dug hulu pet nyawa
Arti Basa Sunda
Usaha satékah polah méh taya eureunna

Arti Bahasa Indonesia
usaha mati-matian

Dug tinetek pet nyawa
Arti Basa Sunda
digawé beurat méh taya eureunna

Arti Bahasa Indonesia
kerja keras tanpa henti