KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Dulur pet ku hinis
Arti Basa Sunda
dulur landes/ dulur deukeut
Arti Bahasa Indonesia
saudara kandung, saudara dekat
Déngdék tapi maliding sanak
Arti Basa Sunda
pilih kasih, teu adil
Arti Bahasa Indonesia
pilih kasih atau tidak adil
Endog mapagahan hayam
Arti Basa Sunda
budak mapatahan kolot, atawa mapagahan nu geus bisa atawa nu leuwih luhur pangartina
Arti Bahasa Indonesia
anak kecil menasehati orang tua yang sudah banyak pengalaman/ ilmunya
Endog sapataragan tara megar kabéh
Arti Basa Sunda
diantara dulur-dulur saindung-sabapa sok aya baé anu teu pati alus milikna
Arti Bahasa Indonesia
diantara suadara kandung sering ada yang tidak baik rezekinya
Endog sasayang, peupeus hiji peupeus kabéh
Arti Basa Sunda
mun di antara dulur-dulur aya saurang nu nyieun codéka, sok mamawa ka saréréa
Arti Bahasa Indonesia
jika ada saudara yang berbuat tidak baik, maka akan mengotori nama baik saudara yang lainnya
Endog tara megar kabéh
Arti Basa Sunda
najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna
Arti Bahasa Indonesia
meskipun saudara kandung/ sama ibu dan bapaknya tidak semua sama rezeki dan derajatnya
élmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadarna
Arti Basa Sunda
hirup kudu nungtut nyiar élmu pikeun kasalametan dunya ahérat sarta kudu siger tengah
Arti Bahasa Indonesia
hidup harus mencari ilmu untuk keselamatan dunia dan akhirat/ harus seimbang
Gedé gedé kayu randu, dipaké pamikul bengkung, dipaké lincar anggang, dipaké pancir ngajedig
Arti Basa Sunda
ngeunaan ka jelema anu jangkung tur dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goréng
Arti Bahasa Indonesia
orang yang tinggi dan berbadan kekar tapi tidak bisa bekerja
Gedé gunung pananggeuhan
Arti Basa Sunda
Boga andelan dulur beunghar atawa jeneng dina aya karerepet atawa butuh pitulung éta andelan teh bisa nulungan ku kabeungharan atawa kakawasaanna
Arti Bahasa Indonesia
punya beking orang kaya atau penguasa yang bisa menolong jika mengalami kesulitan atau membutuhkan pertolongan
Getas harupateun, pingges harepan
Arti Basa Sunda
gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur
Arti Bahasa Indonesia
mudah menyalahkan atau manghakimi orang lain
Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
Arti Basa Sunda
geulis sisi, laur gunung, sonagar huma
Arti Bahasa Indonesia
rupa bagus tapi kampungan dan pemalu
rupa bagus tapi kampungan dan pemalu
Arti Basa Sunda
goréng haté, julid
Arti Bahasa Indonesia
iri dengki, julid, hatinya kotor
Giri lungsi tanpa hina
Arti Basa Sunda
nu luhur jeung nu handap sarua baé ulah dihina
Arti Bahasa Indonesia
yang di atas atau yang di bawah sama saja jangan dihina
Sebelumnya
15
16
17
Selanjutnya
Ready to Leave?
Ă—
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.