KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Goong nabeuh manéh
Arti Basa Sunda
ngunggulkeun diri sorangan
Arti Bahasa Indonesia
ngunggulkeun diri sorangan
Goong saba ka ria
Arti Basa Sunda
nnjolkeun manéh sangkan kapaké ku dunungan; datang sorangan ka nu hajat sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang dititah gawé sangkan seubeuh dahar
Arti Bahasa Indonesia
cari muka demi jabatan atau isi perut
Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi
Arti Basa Sunda
Euweuh anggeusna, euweuh béakna
Arti Bahasa Indonesia
tidak ada ujungnya atau tidak ada akhirnya
Hadé gogog hadé tagog
Arti Basa Sunda
Jalma sopan; hadé basa jeung tingkah lakuna
Arti Bahasa Indonesia
orang yang baik budi bahasa dan tingkah lakunya
Hadé ku omong goréng ku omong
Arti Basa Sunda
omongan nu hadé balukarna hadé jeung omongan nu goréng, goréng deui balukarna
Arti Bahasa Indonesia
perkataan yang baik akan berakibat baik, kata-kata jelek akan berakibat jelek
Halodo satahun lantis ku hujan sapoé
Arti Basa Sunda
Arti Bahasa Indonesia
Hambur bacot murah congcot
Arti Basa Sunda
Goréng biwir jeung sok mindeng nyarékan tapi béréhan sok daék barangbéré; goréng bahasa tapi béréhan
Arti Bahasa Indonesia
mulutnya tajam tapi suka memberi/ dermawan
Hanteu gedag bulu salambar
Arti Basa Sunda
Henteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan
Arti Bahasa Indonesia
tidak takut sedikitpun
Hapa hapa gé ranggeuyan
Arti Basa Sunda
miskin miskin ogé ari salaki nu ngurus mah boga
Arti Bahasa Indonesia
meskipun miskin tapi masih punya suami yang ngurus dan melindungi
Haripeut ku teuteureuyeun
Arti Basa Sunda
Babari katarik ku pangabita, gancang atoh dina meunangna rejeki teu ngingetkeun balukarna
Arti Bahasa Indonesia
mudah tergiur iming-iming tanpa memikirkan sumber dan akibatnya
Harus omong batan goong
Arti Basa Sunda
Béja sok gampang jeung gancang nerekab lantaran sok pabéja-beja
Arti Bahasa Indonesia
informasi cepat menyebar sebab biasanya viral
Hayang untung jadi buntung
Arti Basa Sunda
hayang untung tapi kalah rugi
Arti Bahasa Indonesia
mau untung malah rugi
Heueuh heueuh bueuk
Arti Basa Sunda
dina biwir satuju tapi teu sarua jeung haténa
Arti Bahasa Indonesia
setuju di mulut tapi tidak sesuai isi hatinya
Sebelumnya
16
17
18
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.