PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Heureut deuleu pondok léngkah
Arti Basa Sunda
kurang kanyaho sabab tara ngalanto kanu jauh

Arti Bahasa Indonesia
kurang wawasan sebab tidak pernah bepergian

Hirup ku panyukup gedé ku paméré
Arti Basa Sunda
samahi mahi paméré batur baé sabab teu daek nyiar kipayah sorangan

Arti Bahasa Indonesia
merasa cukup dengan pemberian orang karena tidak mau ikhtiar sendiri

Hirup nuhun paéh dirampés
Arti Basa Sunda
pasrah pisan, teu boga kahayang naon naon

Arti Bahasa Indonesia
pasrah tidak punya keinginan apapun

Hirup ulah manggih tungtung, paéh ulah manggih béja
Arti Basa Sunda
Kudu bageur kudu hadé laku lampah supaya alus kacaritakeunana

Arti Bahasa Indonesia
hidup harus baik supaya dikenang kebaikannya

Hulu dugul dihihidan
Arti Basa Sunda
nu keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung

Arti Bahasa Indonesia
orang yang sedang gembira tambah bahagia, orang untung tambah untung

Hunyur nandéan gunung
Arti Basa Sunda
nyaruaan ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana

Arti Bahasa Indonesia
menyaingi orang yang harkat derajat dan hartanya di atas kita

Hurung nangtung siang leumpang
Arti Basa Sunda
nu beunghar pangabogana dipaké; ginding sabab maké papakéan atawa perhiasan anu aralus

Arti Bahasa Indonesia
orang kaya yang kekayaannya dipakai, gaya karena memakai pakaian atau perhiasan yang bagus

Hutang salaput hulu
Arti Basa Sunda
hutangna kaditu kadieu

Arti Bahasa Indonesia
terlilit hutang, punya banyak utang

Hérang caina beunang laukna
Arti Basa Sunda
maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak anu dirugikeun atawa dinyenyeri

Arti Bahasa Indonesia
tercapai maksud tanpa melukai orang lain, sukses tanpa ekses

Hérang hérang kari mata, teuas teuas kari bincurang
Arti Basa Sunda
baréto mah beunghar ayeuna kari miskinna

Arti Bahasa Indonesia
dulu kaya tapi sekarang miskin

Indung lembu bapa banténg
Arti Basa Sunda
indung jeung bapa turunan ménak jeung beunghar

Arti Bahasa Indonesia
ibu bapanya keturunan menak dan orang kaya

Inggis batan maut hinis, rempan batan mesat gobang
Arti Basa Sunda
Inggis jeung paur kabina-bina

Arti Bahasa Indonesia
sangat ngeri, sangat khawati

Ipis kulit beungeut
Arti Basa Sunda
gedé kaéra

Arti Bahasa Indonesia
pemalu