PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Jeung léwéh mah mending waléh
Arti Basa Sunda
Leuwih hadé wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita

Arti Bahasa Indonesia
lebih baik bicara menyampaikan keinginan daripada menyimpan rasa bingung

Jogjog neureuy buah loa
Arti Basa Sunda
Milampah anu moal pihasileun atawa mikarep ka anu lain babad

Arti Bahasa Indonesia
mengharapkan sesuatu yang tidak mungkin berhasil atau mengharapkan jodoh yang tidak sederajat

Jéjér pasar lumrah baé
Arti Basa Sunda
Meujeuhna. Mun ka lalaki, kasép henteu goréng henteu, mun awéwé goreng henteu geulis henteu

Arti Bahasa Indonesia
sedang-sedang saja, tidak tampan tidak jelek, tidak cantik tidak jelek.

Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salebak
Arti Basa Sunda
sauyunan, silih anteur kahayang

Arti Bahasa Indonesia
rukun seiring sejala

Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran
Arti Basa Sunda
jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga jeung moal aya kamajuan

Arti Bahasa Indonesia
orang yang jahat, jail dan dengki tidak akan ada kemajuan

Kabawa ku sakaba-kaba
Arti Basa Sunda
kabawa ku anu teu puguh

Arti Bahasa Indonesia
terbawa arus pergaulan buruk

Kaceluk ka awun-awun kawéntar ka janapria, kakoncara ka mancanagara
Arti Basa Sunda
asohor pisan, kawéntar kamana mana

Arti Bahasa Indonesia
terkenal ke mana-mana

Kaciwit kulit kabawa daging
Arti Basa Sunda
kababawa kana hiji perkara, kabawa susah sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana

Arti Bahasa Indonesia
terbawa susah/terlibat masalah meskipun tidak salah/tidak ikut campur

Kahieuman bangkong
Arti Basa Sunda
Katempo beunghar pedah kapihaéan barang batur, teu boga ngan disangka aya padahal nu batur

Arti Bahasa Indonesia
terlihat terlihat kaya/mampu padahal barang titipan

Kai teu kalis ku angin
Arti Basa Sunda
unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan

Arti Bahasa Indonesia
setiap orang suatu saat akan mengalami kesusahan

setiap orang suatu saat akan mengalami kesusahan
Arti Basa Sunda
tibatan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana

Arti Bahasa Indonesia
daripada akhirnya bikin susah, lebih baik diceritakan dulu di awal apa yang akan bikin susah

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung
Arti Basa Sunda
kajeun teuing capé gawé asal bisa dahar kalawan cukup

Arti Bahasa Indonesia
lebih baik cape kerja dapi asal kebutuhan tercukupi

Kalapa bijil ti cungap
Arti Basa Sunda
rusiah kaluar ti dirina

Arti Bahasa Indonesia
rahasia keluar dari mulut sendiri