PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Kandel kulit beungeut
Arti Basa Sunda
euweuh Kaéra

Arti Bahasa Indonesia
tidak punya rasa malu

Katempuhan buntut maung
Arti Basa Sunda
katempuhan piomongeun, nanngung akibat goreng tina pagawéan/kasalahan batur

Arti Bahasa Indonesia
menanggung akibat buruk dari kesalahan orang lain

Katumbuan catur kadatangan carita
Arti Basa Sunda
loba anu embung sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan

Arti Bahasa Indonesia
banyak yang tidak mau karena mendengar caci maki

Kawas anjing kadempét lincar
Arti Basa Sunda
gogorowokan menta tulung atawa nitah ka batur kawayan teu sabar bari ambek ambekan

Arti Bahasa Indonesia
teriak-teriak minta tolong atau menyuruh orang lain dengan tidak sabar bahkan sambil marah-marah

Kawas anjing tutung buntut
Arti Basa Sunda
teu daék cicing

Arti Bahasa Indonesia
tidak mau tinggal diam

Kawas beusi atah beuleum
Arti Basa Sunda
beungeutna beureum awahing ku ambek

Arti Bahasa Indonesia
wajahnya merah karena marah

Kawas ka budak rodék hulu
Arti Basa Sunda
teu ngajenan, teu ngahargaan pisan

Arti Bahasa Indonesia
tidak menghargai seperti pada anak kecil

Kawas bueuk meunang mabuk
Arti Basa Sunda
ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempé teu nyarita

Arti Bahasa Indonesia
menunduk lemah atau diam seribu bahasa

Kawas cai dina daun taleus
Arti Basa Sunda
Ukur ngaliwat taya tapakna

Arti Bahasa Indonesia
tidak ada bekasnya, tidak membekas

Kawas cucurut kaibunan
Arti Basa Sunda
jelema anu goréng patut pisan

Arti Bahasa Indonesia
orang yang buruk rupa tidak sedap dipandang mata

Kawas hayam keur endogan
Arti Basa Sunda
cilingcingcat baé, teu bisa cicing, sok teu sabar atawa gelisah nungguan nu arep arep

Arti Bahasa Indonesia
ke sana ke mari, tidak bisa tinggal diam, tidak sabaran atau gelisah menunggu sesuatu yang ditunggu-tunggu

Kawas hayam panyambungan
Arti Basa Sunda
tacan nyaho di kalér kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta tempat

Arti Bahasa Indonesia
tidak tahu keadaan, bingung harus ngapain maklum masih baru

Kawas jog-jog mondok
Arti Basa Sunda
teu daék répéh

Arti Bahasa Indonesia
tidak mau diam atau berisik