KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Kawas kacang ninggang kajang
Arti Basa Sunda
ngomongna norostos bari tarik, biasana ngeunaan ka awéwé nu keur ngambek bari nyarékan
Arti Bahasa Indonesia
bicara keras dan cepat biasanya diumpamakan seorang perempuan yang sedang marah
Kawas kapuk kaibunan
Arti Basa Sunda
leuleus, murungkut sieun tina tadina pepedengkreng
Arti Bahasa Indonesia
lemas, lemah, ketakutan
Kawas kuda leupas ti gedogan
Arti Basa Sunda
Sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu asa bebas tina aturan kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker
Arti Bahasa Indonesia
semena-mena mengikuti hawa nafsu merasa bebas dari aturan
Kawas lauk asup kana bubu
Arti Basa Sunda
gampang asup kana pagawéan/ perkara tapi hese kaluar
Arti Bahasa Indonesia
mudah masuk tapi susah keluar (terperangkap)
Kawas munding ditendok
Arti Basa Sunda
nurut, dibawa kukumaha oge nuturkeun
Arti Bahasa Indonesia
menuruti/mengikuti saja tanpa melawan
Kawas nu dipupul bayu
Arti Basa Sunda
leuleus taya tangan pangawasa
Arti Bahasa Indonesia
lemah tidak bertenaga
Kawas nu mulangkeun panyiraman
Arti Basa Sunda
sok hayang nu lain lain sanajan matak ngarepotkeun ka kulawargana
Arti Bahasa Indonesia
suka ingin yang aneh-aneh, keinginan ingin terpenuhi meskipun bikin repot keluarganya
Kawas siraru jadi
Arti Basa Sunda
jelema pabaliut bakating ku lobana
Arti Bahasa Indonesia
orang-orang berkerumun sangat banyak
Kawas wayang pangsisina
Arti Basa Sunda
ngeunaan jelema nu goréng rupana
Arti Bahasa Indonesia
orang yang buruk rupanya
Keur meujeuhna bilatung dulang
Arti Basa Sunda
barudak laleutik kénéh pisan keur meujeuhna bareuki dahar
Arti Bahasa Indonesia
anak-anak masih kecil lagi senang-senangnya makan
Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita
Arti Basa Sunda
keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki
Arti Bahasa Indonesia
sedang kaya-kayanya
Keur nuju béntang surem
Arti Basa Sunda
keur sué atawa tiis badan
Arti Bahasa Indonesia
sedang naas
Kiceupna sabedug sakali
Arti Basa Sunda
pohara lungguhna
Arti Bahasa Indonesia
sangat pendiam
Sebelumnya
21
22
23
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.