PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Kiruh ti girang kiruh ka hilir
Arti Basa Sunda
lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna ogé milu teu bener milu teu bageur

Arti Bahasa Indonesia
jika dari orang atasnya tidak baik maka ke bawahnya juga tidak baik

Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran
Arti Basa Sunda
siga kekedemes atawa mangpang-meungpeung

Arti Bahasa Indonesia
diumpamakan orang yang seumur-umur tidak punya lalu mendapat rejeki banyak sikapnya seperti aji mumpung

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam
Arti Basa Sunda
kacida teu bogana

Arti Bahasa Indonesia
melarat

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang
Arti Basa Sunda
jelema anu pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur lain kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona

Arti Bahasa Indonesia
orang yang ikut-ikutan melakukan suatu perbuatan akibat terbawa arus, bukan dari keinginan sendiri sehingga terkesan jelek

Kudu bisa kabulu kabalé
Arti Basa Sunda
Kudu bisa mawa awak

Arti Bahasa Indonesia
harus bisa membawa diri

Kudu bisa ngeureut neundeun
Arti Basa Sunda
Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik

Arti Bahasa Indonesia
harus bisa mengatur keuangan supaya penghasilan sedikit cukup untuk kebutuhan dan bisa menabung

Kudu bisa pindah cai pindah tampian
Arti Basa Sunda
kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan

Arti Bahasa Indonesia
harus bisa beradaptasi/menyesuaikan diri dengan lingkungan baru

Kudu boga pikir kadua leutik
Arti Basa Sunda
ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga

Arti Bahasa Indonesia
jangan ceroboh harus waspada

Kudu hadé gogog hadé tagog
Arti Basa Sunda
hadé basa jeung tingkah lakuna

Arti Bahasa Indonesia
harus bagus bahasa dan kelakuannya

Kudu nepi méméh indit
Arti Basa Sunda
Kudu direncanakeun kalawan asak

Arti Bahasa Indonesia
harus merencanakan/ memperhitungkan sesuatu dengan baik sebelum melakukannya

Kujang dua pangadékna
Arti Basa Sunda
Hiji pagawéan anu ngandung dua rupa maksud

Arti Bahasa Indonesia
satu pekerjaan yang mengandung dua maksud

Kulak canggeum bagja awak
Arti Basa Sunda
milik hadé atawa goréng anu geus ditangtukeun ti ajalina kénéh ku Gusti Nu Maha Suci

Arti Bahasa Indonesia
nasib yang menimpa diri sudah ditentukan oleh Tuhan

Kumaha bulé hideungna baé
Arti Basa Sunda
kumaha engké baé buktina

Arti Bahasa Indonesia
bagaimana nanti saja