PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Kumaha geletuk batuna gejebur caina
Arti Basa Sunda
Kumaha gumantung hasilna engké.

Arti Bahasa Indonesia
bagaimana nati hasilnya

Kumaha kejebur caina geletuk batuna
Arti Basa Sunda
Kumaha jadina baé, henteu jadi pikiran

Arti Bahasa Indonesia
bagaimana nanti saja tidak dipikirkan

Kunang-kunang nerus bumi
Arti Basa Sunda
Bapana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng siga bapana

Arti Bahasa Indonesia
ayahnya sudah tidak menjabat lagi, di anaknya awal akhir akan ada yang menjadi pejabat seperti bapanya

Kuru cileuh kentél peujit
Arti Basa Sunda
Daék tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun

Arti Bahasa Indonesia
mau tirakat supaya tercapai cita-cita

Kéjo asak angeun datang
Arti Basa Sunda
sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.

Arti Bahasa Indonesia
sejalan dengan pikiran tidak menunggu lama langsung dilaksanakan

Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda
Arti Basa Sunda
Arék cilaka mah ku kasalahan anu leutik ogé bisa, teu kudu ku kasalahan anu gedé baé

Arti Bahasa Indonesia
celaka biasanya oleh hal-hal kecil, tidak selalu oleh perkara besar

Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa béja, lain leumpang maladra
Arti Basa Sunda
indit ti imah kalawan ngandung maksud anu tangtu, lain lampah sakaparan-paran henteu puguh anu dijugjug

Arti Bahasa Indonesia
bepergian dengan tujuan yang jelas bukan pergi tanpa tujuan

Lalaki langit lalanang jagat
Arti Basa Sunda
Lalaki langit lalanang jagat

Arti Bahasa Indonesia
lelaki gagah perkasa

Landung kandungan laér aisan
Arti Basa Sunda
Gedé timbanganana, gedé pangampurana

Arti Bahasa Indonesia
bijaksana, pemaaf

Langkung saur bahé carék
Arti Basa Sunda
Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan

Arti Bahasa Indonesia
mulutnya mudah marah atau ada kesalahan dalam perkataan

Lauk buruk milu mijah
Arti Basa Sunda
Lauk buruk milu mijah

Arti Bahasa Indonesia
ikut-ikutan melakukan perkara yang bukan keinginan sendiri tapi terbawa arus sehingga jelek kelihatannya

Legok tapak genténg kadék
Arti Basa Sunda
loba luangna pangalamanana jeung kanyahona

Arti Bahasa Indonesia
berpengalaman dan banyak ilmu

Leubeut buah héjo daun
Arti Basa Sunda
Keur meujeuhna loba rejeki

Arti Bahasa Indonesia
sedang kaya-kayanya, sedang banyak rejeki