PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Kudu tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan
Arti Basa Sunda
pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat sabeulah, jeung loba pertimbanganana; gedé tinimbangan

Arti Bahasa Indonesia
bijaksana dan adil dalam mengambil keputusan

Leunggeuh cau beuleum
Arti Basa Sunda
teu bener dina ngajalankeun hiji pagawéan, memeh anggeus geus pindah kanu lain

Arti Bahasa Indonesia
sebelum suatu pekerjaan selesai sudah mengerjakan yang lainnya

Leungit tanpa lebih, ilang tanpa krana
Arti Basa Sunda
leungit teu aya béjana, maot teu aya kuburanana, jadi taya raratanana saeutik-eutik acan, teu aya urut-urutna acan

Arti Bahasa Indonesia
hilang tidak ada kabar, mati tidak ada kuburannya

Leutik cahak, gedé cohok
Arti Basa Sunda
ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaranna gedé

Arti Bahasa Indonesia
besar pasak dari pada tiang, yaitu besar pengeluaran daripada penghasilan

Leutik ringkang gedé bugang
Arti Basa Sunda
jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi kasusah saréréa

Arti Bahasa Indonesia
manusia tidak bisa dianggap sepele meskipun kecil tapi kalau ada masalah/musibah tidak bisa dianggap enteng, bisa repot semua

Leutik-leutik ngagalitik
Arti Basa Sunda
awakna leutik tapi gedé kawani

Arti Bahasa Indonesia
tubuh kecil tapi pemberani

Leuwi jero beunang diteuleuman, haté jelema najan déét teu kakobét
Arti Basa Sunda
Eusi hate jeung pikiran jelema hésé dikira-kirana

Arti Bahasa Indonesia
isi hati dan pikiran manusia susah dibaca

Leuweung gonggong simagongong
Arti Basa Sunda
leuweung gerot

Arti Bahasa Indonesia
hutan belantara

Lieuk euweuh ragap taya
Arti Basa Sunda
Pohara miskinna nepi ka teu boga naon naon

Arti Bahasa Indonesia
sangat miskin tidak punya apa-apa

Loba luang jeung daluang
Arti Basa Sunda
loba pangaweruhna

Arti Bahasa Indonesia
Loba pangaweruhna

Loba teuing jaksa
Arti Basa Sunda
loba teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu dipapatahan

Arti Bahasa Indonesia
terlalu banyak orang pintar pemberi pepatah/ nasihat sehingga membuat bingung yang dinasihati

Lodong kosong ngelentrung
Arti Basa Sunda
loba omong ari pangartina/pangabisana mah euweuh

Arti Bahasa Indonesia
sama dengan tong kosong nyaring bunyinya, kata-katanya besar tapi tidak punya ilmu dan kemampuan

Luhur kuta gedé dunya
Arti Basa Sunda
gagah tur beunghar taya kakurang

Arti Bahasa Indonesia
gagah dan kaya raya