PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Mindingan beungeut ku saweuy
Arti Basa Sunda
Budi parangi marahmay ari haténa goréng. Budi alus keur mindingan haté nu goréng téa supaya ulah kaciri padahal batur arapaleun

Arti Bahasa Indonesia
perangai dan tutur katanya bagus untuk menutupi hati yang buruk padahal orang lain sudah tahu kelakuannya

Mipit teu amit ngala teu ménta
Arti Basa Sunda
Nyokot boga batur

Arti Bahasa Indonesia
mengambil barang orang lain

Mipir pasir mapay jungkrang
Arti Basa Sunda
Nyorang tempat anu hararese disorangna

Arti Bahasa Indonesia
menempuh jalur/tempat yang sudah dilalui

Miyuni hayam kabiri
Arti Basa Sunda
Leutik burih babari sumerah éléh atawa lalaki nu babari sumerah ka awéwé

Arti Bahasa Indonesia
penakut mudah menyerah atau lelaki menyerah ke perempuan

Moal ceurik ménta eusi
Arti Basa Sunda
Keun baé mawa wadah anu gedé ogé da lain hayang loba dibéréna

Arti Bahasa Indonesia
membawa wadah besar bukan ingin diberi banyak

Moal néangan jurig teu kadeuleu
Arti Basa Sunda
Arék nyekel/newak jelema nu aya baé, moal neangan jelema nu euweuh

Arti Bahasa Indonesia
tidak akan mencari orang lain karena pelakunya sudah jelas

Mobok manggih gorowong
Arti Basa Sunda
Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang. Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu gampang pihasileun

Arti Bahasa Indonesia
ada jalan untuk melaksanakan keinginan

Monyét dibéré séséngkéd
Arti Basa Sunda
Nu rék jahat rék dibéré parabot atau ahli diberi alatnya

Arti Bahasa Indonesia
orang jahat dimodalin, atau ahli sesuatu diberi alatnya

Monyét kapalingan jagong
Arti Basa Sunda
Tukang maok kapalingan, tukang tipu katipu

Arti Bahasa Indonesia
penipu kena tipu

Mopo méméh nanggung
Arti Basa Sunda
Horéam atawa teu sanggup saméméh prak

Arti Bahasa Indonesia
malas atau menyerah sebelum melangkah/berbuat

Mun teu ngakal moal ngakeul
Arti Basa Sunda
Mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup

Arti Bahasa Indonesia
kalau tidak usaha tidak akan mendapat penghasilan

Mun teu ngarah moal ngarih
Arti Basa Sunda
Lamun teu digawé niar kipayah tangtu moal beubeunangan

Arti Bahasa Indonesia
jika tidak berusaha tidak akan mendapat bekal untuk menyambung hidup

Mun teu ngoprék, moal nyapék
Arti Basa Sunda
Lamun teu digawé niar kipayah tangtu moal beubeunangan

Arti Bahasa Indonesia
jika tidak berusaha tidak akan mendapat bekal penghasilan untuk menyambung hidup