PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan
Arti Basa Sunda
Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di pangumbaraan

Arti Bahasa Indonesia
pulang kampung setelah bertahun-tahun di perantauan

Mupugkeun tai kanjut
Arti Basa Sunda
Ngetrukeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu dipikameumeut

Arti Bahasa Indonesia
mengeluarkan harta kekayaan yang disimpan ketika hajatan sunatan/nikahan anak yang sangat disayang

Murag bulu bitis
Arti Basa Sunda
Teu betah cicing di imah

Arti Bahasa Indonesia
tidak betah di rumah

Méré langgir kalieun
Arti Basa Sunda
Méré hal anu aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana

Arti Bahasa Indonesia
memberi sesuatu yang ada susah atau bahayanya

Neukteuk curuk dina pingping atawa neukteuk curuk dina tuur
Arti Basa Sunda
Nyaritakeun kagorengan dulur/babaturan sorangan

Arti Bahasa Indonesia
menceritakan kejelekan saudara/teman sendiri

Neukteuk leukeur meulah jantung
Arti Basa Sunda
Geus lain-lainna deui, geus euweuh hubungan nanaon jeung popotongan

Arti Bahasa Indonesia
sudah bukan siapa-siapa lagi, tidak ada hubungannya lagi

Neté tarajé, nincak hambalan
Arti Basa Sunda
Kudu merenah, tartib ti handap ka luhur

Arti Bahasa Indonesia
harus tertib, bertahap

Nété semplék nincak semplak
Arti Basa Sunda
Kieu salah kitu lain

Arti Bahasa Indonesia
serba salah, nyoba itu gagal nyoain ini rugi

Nete akar ngeumbing jangkar
Arti Basa Sunda
Lumampah ka tempat anu kacida rumpilna

Arti Bahasa Indonesia
menempuh jalur yang sulit

Nepi ka pakotrék iteuk
Arti Basa Sunda
Rumah tangga nepi ka kolot pisan

Arti Bahasa Indonesia
berumah tangga sampai tua

Nepakeun jurig pateuh
Arti Basa Sunda
Namplokeun kagorengan sorangan ka batur supaya sorangan salamet

Arti Bahasa Indonesia
menumpahkan kejelekan sendiri kepada orang lain supaya diri sendiri selamat

Nepak cai malar cérét
Arti Basa Sunda
Ngomongkeun jeung ngagogoreng batur supaya batur ragrag ngarana jeung kawentar kagorenganana

Arti Bahasa Indonesia
membicarakan keburukan orang lain supaya nama baiknya jauh dan terkenal keburukannya

Nangtung kariung ngadeg karageman
Arti Basa Sunda
Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara

Arti Bahasa Indonesia
duduk bersama musyawarah memecahkan suatu perkara