PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Nangkeup mawa eunyeuh
Arti Basa Sunda
Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang

Arti Bahasa Indonesia
mencelakakan orang yang sudah menolong

Naheun bubu pahareup hareup
Arti Basa Sunda
Dina pangabutuh silih injeuman duit

Arti Bahasa Indonesia
saling meminjam uang

Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas harupateun
Arti Basa Sunda
Heuras hatena teu sabar dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan

Arti Bahasa Indonesia
keras kepala tidak sabar menghadapi kesulitan dan nekat

Neundeun piheuleut nunda picela
Arti Basa Sunda
Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya temahna papisahan teu ngahiji deui

Arti Bahasa Indonesia
mencari jalan atau alasan supaya bertengkar dan bercerai

Ngabéjaan bulu tuur
Arti Basa Sunda
Ngabejaan jalma nu geus nyahoeun

Arti Bahasa Indonesia
memberi tahu orang yang sudah tahu

Ngadagoan kuah beukah
Arti Basa Sunda
Ngadagoan pasésaan kadaharan. Ieu ngan wungkul ngeunaan tukang babantu di imah batur anu saenyana ayana tukang babantu téh henteu perlu

Arti Bahasa Indonesia
menunggu sisa makanan

Ngadagoan uncal mabal
Arti Basa Sunda
Ngadagoan jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta rejeki

Arti Bahasa Indonesia
menginginkan rejeki tapi tidak mau ikhiar mencarinya

Ngadaweung ngabangbang areuy
Arti Basa Sunda
Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih

Arti Bahasa Indonesia
terkenang ke masa-masa lalu sampai merasa haru/sedih

Ngadu angklung di pasar
Arti Basa Sunda
Nguruskeun nu euweuh mangpaatna di hareupeun jalma loba

Arti Bahasa Indonesia
mengurusi perkara yang tidak ada manfaatnya di muka umum

Ngadu ngadu rajawisuna
Arti Basa Sunda
Mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna, temahna si a jeung si b pasea

Arti Bahasa Indonesia
mengatakan perkatan si A ke si B dan sebaliknya akibatnya mereka bertengkar

Ngadék sacékna, nilas saplasna
Arti Basa Sunda
Ngomong saayana teu dileuwihan atawa dikurangan

Arti Bahasa Indonesia
bicara apa adanya tidak dilebihi dan tidak dikurangi

Ngagandong kéjo susah nyatu
Arti Basa Sunda
Loba titaheun ngan hanjakal hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh

Arti Bahasa Indonesia
banyak orang yang bisa disuruh tapi tidak ada yang mau disuruh

Ngagedag bari mulungan
Arti Basa Sunda
Nanyakeun perkara anu can nyaho ka batur bari embung kanyahoan urang can nyaho, jadi api api geus nyaho baé

Arti Bahasa Indonesia
menanyakan sesuatu pada orang lain yang kita belum tahu tapi tidak ingin ketahuan belum tahu, jadi pura-pura tahu