KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Ngagulkeun payung butut
Arti Basa Sunda
Ngagulkeun luluhur/turunan sorangan
Arti Bahasa Indonesia
menyombongkan leluhur/keturunan sendiri
Ngaléng bari néké
Arti Basa Sunda
Jiga bageur tapi aya maksud goreng
Arti Bahasa Indonesia
sepertu merangkul tapi memukul, seperti baik tapi ada niat busuk
Ngaliarkeun taleus ateul
Arti Basa Sunda
Ngabeja bejakeun kagorengan batur
Arti Bahasa Indonesia
menyebarkan kejelekan orang lain
Ngarawu ku siku
Arti Basa Sunda
Sarakah; hayang ngalakukan pagawean tapi teu itungan jeung kamampuh dirina
Arti Bahasa Indonesia
serakah, ingin melakukan sesuatu tapi tidak memperhitungkan kemampuannya
Ngarep-ngarep béntang ragrag
Arti Basa Sunda
Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian
Arti Bahasa Indonesia
menunggu/menginginkan sesuatu yang tidak mungkin terjadi
Ngarep-ngarep kalangkang heulang
Arti Basa Sunda
Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung hesena
Arti Bahasa Indonesia
menunggu sesuatu yang sangat sulit diperoleh
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam
Arti Basa Sunda
Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan
Arti Bahasa Indonesia
baik kepada orang lain karena ingin dipuji tapi membiarkan saudara sendiri
Ngeduk cikur kedah mihatur, nyokel jahe kedah micarek
Arti Basa Sunda
Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga
Arti Bahasa Indonesia
kalau mengambil sesuatu harus seizin pemiliknya
Ngeplek jawér, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri
Arti Basa Sunda
Leutik burih, borangan, sieunan, kecing
Arti Bahasa Indonesia
penakut, tidak punya nyali
Ngeupeul ngahuapan manéh
Arti Basa Sunda
Lungas-lengis pikawelas supaya batur welaseun, asiheun jeung nulungan ka diri urang
Arti Bahasa Indonesia
memelas supaya orang lain kasihan/ membantu
Nginjing sila, béngkok sembah
Arti Basa Sunda
Teu satia ka anu jadi pamingpin atawa dunungan
Arti Bahasa Indonesia
tidak setia pada pemimpin atau atasan
Ngukur ka kujur, nimbang ka awak
Arti Basa Sunda
Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup kudu disaluyukeun jeung pangala
Arti Bahasa Indonesia
tau diri, mengeluarkan uang untuk keperluan hidup harus disesuaikan dengan penghasilan
Ngukut kuda kuru, ari geus gedé sok nyépak
Arti Basa Sunda
Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, tapi ari geus mulia ngalawan ka nu jadi dunungan
Arti Bahasa Indonesia
memelihara pembantu yang susah tapi kalau sudah berhasil melawan
Sebelumnya
29
30
31
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.