KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Ngusap birit bari indit
Arti Basa Sunda
Ngaleos indit teu pamit kanu aya ku lantaran ambek nyedek atawa era parada
Arti Bahasa Indonesia
pergi tanpa pamit karena marah atau malu
Nimu luang tina burang
Arti Basa Sunda
Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman
Arti Bahasa Indonesia
bertambah ilmu pengetahuan saat mengalami kecelakaan atau hukuman
Nincak parahu dua
Arti Basa Sunda
Ngadunungan ka duaan atawa boga dua pausahaan
Arti Bahasa Indonesia
punya dua atasan atau dua perusahaan
Ninggang kana kekecrekna
Arti Basa Sunda
Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih
Arti Bahasa Indonesia
buruk rupa burup juga kelakuannya
Nini nini dikeningan, awéwé randa dihiasan
Arti Basa Sunda
Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak
Arti Bahasa Indonesia
menaikan harga yang sudah bekas/rusak
Noong ka kolong
Arti Basa Sunda
Leutik hate, leutik pangharepan
Arti Bahasa Indonesia
kecil hati atau kecil harapan
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha
Arti Basa Sunda
Nu nyaah jeung loba jasana dibales ku kanyerian atawa kagorengan
Arti Bahasa Indonesia
orang yang baik dan berjasa malah dibalas dengan kejelekan, sama dengan peribahasa air susu dibalas dengan air tuba
Nu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan
Arti Basa Sunda
Nu keur nyeri ditambah kanyerina, nu keur susah ditambah kasusahanana
Arti Bahasa Indonesia
orang yang sedang susah malah ditambahin dengan kata-kata/masalah baru
Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan
Arti Basa Sunda
Ngahaminan omongan atawa carita batur anu wadul
Arti Bahasa Indonesia
mendengarkan omongan orang yang bohong
Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang
Arti Basa Sunda
Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu mulya
Arti Bahasa Indonesia
tani dan dagang penghasilannya sama-sama terpuruk
Nuju hirup ninggang wirahma
Arti Basa Sunda
Jelema anu keur alus milik
Arti Bahasa Indonesia
orang yang sedang mendapat milik/rejeki
Nulak cangkeng dina taktak
Arti Basa Sunda
Sombong atawa boga kalakuan asa aing anu teu sakuduna
Arti Bahasa Indonesia
sombong atau angkuh yang tidak semestinya
Nulungan anjing kadempét
Arti Basa Sunda
Nulungan jelema nu teu boga rasa tumarima
Arti Bahasa Indonesia
menolong orang yang tidak tahu balas budi
Sebelumnya
30
31
32
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.