KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Nutup lobang, gali lobang
Arti Basa Sunda
Naur nganjuk, ngineum duit keur mayar hutang
Arti Bahasa Indonesia
pinjam uang untuk bayar utang
Nuturkeun indung suku
Arti Basa Sunda
Leumpang sakaparan-paran henteu puguh tujuan
Arti Bahasa Indonesia
berjalan tanpa arah tujuan
Nya di hurang nya dikeuyeup
Arti Basa Sunda
Kanyeri atawa wiwirangmah di sasaha ge sarua wae teu di menak teu di cacah
Arti Bahasa Indonesia
urusan sakit atau rasa malu di bangsawan atau di rakyat kecil juga sama saja
Nya ngagogog nya mantog
Arti Basa Sunda
Nya nitah ka batur nya prak kumanehna
Arti Bahasa Indonesia
menyuruh sambil melakukannya sendiri
Nya picung nya hulu maung
Arti Basa Sunda
Nu nanya jeung nu ngajawab henteu nyambung
Arti Bahasa Indonesia
yang nanya dan yang menjawab tidak nyambung
Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah
Arti Basa Sunda
Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus beunghar
Arti Bahasa Indonesia
menambah keuntungan pada yang sudah untung atau menambah kekayaan pada orang kaya
Nyair hurang meunang kancra
Arti Basa Sunda
Sugan téh rék meunang kauntungan anu leutik manahoréng meunang kauntungan gedé
Arti Bahasa Indonesia
dikira akan mendapat keuntungan kecil ternyata mendapat untung besar
Nyaliksik ka buuk leutik
Arti Basa Sunda
Nyusahkeun atawa menta ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana
Arti Bahasa Indonesia
bikin susah atau minta pada orang yang derajat dan taraf ekonominya di bawah
Nyalindung ka gelung
Arti Basa Sunda
Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana
Arti Bahasa Indonesia
menumpang hidup pada istri yang kaya
Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang-walang
Arti Basa Sunda
Masrahkeun diri rek dikuma oge sabab rumasa geus salah atawa rumasa boga dosa
Arti Bahasa Indonesia
berserah diri mau diapain juga soalnya sudah merasa bersalah/berdosa
Nyanghulu ka jarian
Arti Basa Sunda
Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina
Arti Bahasa Indonesia
mengabdi pada orang yang ilmu dan derajatnya di bawah
Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang
Arti Basa Sunda
Nyarita kudu pas, écés, ngabogaan harti
Arti Bahasa Indonesia
berbicara harus tepat, jelas dan bermakna
Nyeri beuheung sosonggeteun
Arti Basa Sunda
Ngarep ngarepna tapi anu diarep arep teu datang baé
Arti Bahasa Indonesia
menanti-nanti tapi yang dinantinya tidak kunjung datang
Sebelumnya
31
32
33
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.