PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Nyeungeut damar di suhunan
Arti Basa Sunda
Mintonkeun kakayaan, atawa barangbéré supaya dipuji

Arti Bahasa Indonesia
memperlihatkan kekayaan atau memberi supaya dipuji orang

Nyeungseurikeun upih ragrag
Arti Basa Sunda
Nyeungseurikeun batur dumeh geus kaayaan kolot padahal kahareup mah ku urang bakal kasorang

Arti Bahasa Indonesia
menertawakan yang sudah tua padahal bakal kita lakoni

Nyiar batuk piaraheun
Arti Basa Sunda
Nyiar pipaséaeun

Arti Bahasa Indonesia
cari masalah

Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu
Arti Basa Sunda
Pantang ngalampahkeun hiji perkara anu dilarang ku luluhur

Arti Bahasa Indonesia
pantang melakukan perbuatan yang dilarang oleh leluhur

Nyieun catur taya dapur
Arti Basa Sunda
Nganggit hiji dongéng nu teu aya galurna

Arti Bahasa Indonesia
mengarang cerita yang tidak ada sumbernya

Nyieun heuleur jeroeun huma
Arti Basa Sunda
Henteu raket jeung dulur atawa paharé-haré

Arti Bahasa Indonesia
tidak akrab dengan saudara, masing-masing saja

Nyieun pucuk ti girang
Arti Basa Sunda
Pangheulana nyieun pipaséaeun

Arti Bahasa Indonesia
lebih dulu bikin masalah

Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait
Arti Basa Sunda
Manusa teu resep reureujeungan jeung nu teu boga

Arti Bahasa Indonesia
manusia umumnya tidak suka berteman dengan orang tidak punya

Nyiuk cai ku ayakan
Arti Basa Sunda
Pagawéan nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon

Arti Bahasa Indonesia
pekerjaan mubazir tidak akan menghasilkan apa-apa

Nyium bari ngégél
Arti Basa Sunda
salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna; omongannana hadé ngan haté jeung maksudna goréng

Arti Bahasa Indonesia
kata-katanya bagus tapi hatinya busuk

Nyokot lesot ngeumbing porot
Arti Basa Sunda
Teu aya usaha anu ngahasilkeun

Arti Bahasa Indonesia
tidak ada usaha yang menghasilkan

Nyolok mata buncelik nganyenyeri
Arti Basa Sunda
Ngahina, ngabibita atawa ngawiwirang di hareupeunana

Arti Bahasa Indonesia
menghina atau mempermalukan didepan orangnya

Nyuhun nanggung ngélék ngégél
Arti Basa Sunda
Babawaanana loba pisan

Arti Bahasa Indonesia
barang bawaannya sangat banyak