KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju
Arti Basa Sunda
Ménta pangampura jeung ménta timbangan da geus puguh rumasa salah jeung dosa
Arti Bahasa Indonesia
meminta ampun dan pertimbangan karena sudah mengaku bersalah
Nyukcruk walungan mapay-mapay wahangan
Arti Basa Sunda
Nalungtik luluhur kalayan taliti pisan pancakakina
Arti Bahasa Indonesia
mencari asal usul leluhur
Nyugcruk galur mapay laratan
Arti Basa Sunda
Nyusul laratan atawa mapay asal usul
Arti Bahasa Indonesia
mencari asal usul
Nyumput buni dinu caang aya tapi teu katinggali
Arti Basa Sunda
Nyamar dinu negrak katempo tapi teu katohyan
Arti Bahasa Indonesia
menyamar di tempat terbuka, diketahui tapi tidak ketahuan
Nété porot ngeumbing lésot
Arti Basa Sunda
Ihtiar ku mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae
Arti Bahasa Indonesia
sudah berusaha maksimal dengan segala macam usaha tapi tetap tidak berhasil
Omong harus batan goong
Arti Basa Sunda
Béja gancang nerekabna, malah sok béja teh leuwih hébat batan aslina
Arti Bahasa Indonesia
informasi cepat viral bahkan informasi lebih hebat dari kenyataannya
Paanteur-anteur julang
Arti Basa Sunda
Silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina
Arti Bahasa Indonesia
saling antar sampai dua tiga kali
Pacikrak ngalawan merak
Arti Basa Sunda
Nu leutik ngalawan anu gedé
Arti Bahasa Indonesia
yang kecil melawan yang besar
Pada rubak sisi samping
Arti Basa Sunda
Sarua pada loba luangna jeung pada loba pangalamanana
Arti Bahasa Indonesia
sama-sama luas ilmu dan pengalamannya
Pagirang girang tampian
Arti Basa Sunda
Paunggul unggul euweuh nu daék ngelehan
Arti Bahasa Indonesia
masing-masing berlomba tidak ada yang mau mengalah
Paheuyeuk-heuyeuk leungeun
Arti Basa Sunda
Silih bantuan, silih tulungan atawa silih bélaan
Arti Bahasa Indonesia
saling bantu, bahu membahu
Pait daging pahang tulang
Arti Basa Sunda
Langka gering
Arti Bahasa Indonesia
jarang sakit tidak mudah terkena penyakit apapun
Paluhur-luhur diuk
Arti Basa Sunda
Pagedé-gedé kauntungan dina nyiar kipayah
Arti Bahasa Indonesia
berlomba mencari keuntungan
Sebelumnya
33
34
35
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.