KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Panday tara bogaeun bedog
Arti Basa Sunda
Tukangna mah sok tara bogaeun
Arti Bahasa Indonesia
tukang tidak punya barang yang dia buat
Papadon los ka kolong
Arti Basa Sunda
Jalir jangji atawa teu nedunan jangjina
Arti Bahasa Indonesia
ingkar janji
Peureum kadeuleu beunta karasa
Arti Basa Sunda
Inget baé, teu bisa poho; boh kana barang atawa ka jelema anu dipikancinta
Arti Bahasa Indonesia
teringat selalu, baik pada barang atau pada orang yang dicintai
Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir
Arti Basa Sunda
Mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang
Arti Bahasa Indonesia
menginginkan yang tidak sederajat tentunya tidak akan tercapai
Pindah cai pindah tampian
Arti Basa Sunda
Unggah adat adat atawa robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan
Arti Bahasa Indonesia
bertingkah atau pindah tempat berubah kebiasaan
Pinter aling laing bodo
Arti Basa Sunda
Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab éta nyeta nyeta anu bodo
Arti Bahasa Indonesia
orang pintar tapi pura-pura bodoh supaya tidak ketauan orang kalau dirinya pintar
Pipilih nyiar nu leuwih, kocéplak meunang nu pécak
Arti Basa Sunda
Milih hayang meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goréng
Arti Bahasa Indonesia
memilih sesuatu secara hati-hati agar mendapat yang lebih baik tapi kenyataannya malah dapat yang lebih jelek
Piritan milu endogan
Arti Basa Sunda
Pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan
Arti Bahasa Indonesia
ikut-ikutan pada urusan karena terbawa arus, bukan atas dasar keinginan sendiri
Piruruhan katengah imahkeun
Arti Basa Sunda
Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan
Arti Bahasa Indonesia
orang pemalu/ dusun di bawa ke keramaian
Pondok jodo panjang baraya
Arti Basa Sunda
sanaja teu ngajodo tapi silaturahmi kudu tetep dijaga
Arti Bahasa Indonesia
meskipun tidak berjodoh tapi harus tetap menjaga silaturahmi
Poék mongkléng buta rajin
Arti Basa Sunda
Poék pisan
Arti Bahasa Indonesia
sangat gelap
Pupulur méméh mantun
Arti Basa Sunda
Menta buruhan méméh digawé
Arti Bahasa Indonesia
minta upah sebelum bekerja
Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak, tunggak kacuwatan daging
Arti Basa Sunda
Dina teu bener na anu diboréhan, boréh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu dipangnanggungkeun
Arti Bahasa Indonesia
harus membayar utang orang yang diberi jaminan
Sebelumnya
34
35
36
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.