PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Puraga tamba kadengda
Arti Basa Sunda
Migawé hiji pagawéan tapi henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hadé hasilna ieu mah supaya ulah dipaido baé

Arti Bahasa Indonesia
mengerjakan suatu pekerjaan tidak sungguh-sungguh tapi supaya tidak dimarahi saja

Raweuy beuweungeun rambay alaeun
Arti Basa Sunda
Loba dahareun da loba pepelakan

Arti Bahasa Indonesia
banyak makanan karena banyak tanaman

Rumbak caringin di buruan
Arti Basa Sunda
Dina hiji kasusah atawa karerepet geus teu boga kolot anu mepelingan ka urang

Arti Bahasa Indonesia
dalam keadaan susah orang tua yang biasanya menenangkan sudah tidak ada

Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum
Arti Basa Sunda
Maot; sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung hirup moal poho sanajan nepi ka maot

Arti Bahasa Indonesia
meninggal

Rusuh luput gancang pincang
Arti Basa Sunda
Migawé naon baé anu rurusuhan temahna matak kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun

Arti Bahasa Indonesia
mengerjakan sesuatu dengan tergesa-gesa kibatnya menyesal karena hasilnya mengecewakan

Sabuni-buni anu ngising
Arti Basa Sunda
Sanajan dibunian atawa disumputkeun ogé ari laku lampah anu goréng mah awal akhir kudu kanyahoan

Arti Bahasa Indonesia
meskipun disembunyikan kelakuan jelek tetap akan ketahuan juga

Sagalak-galakna macan tara ngakan anakna
Arti Basa Sunda
Sagalak-galak na indung bapa umumna tara tega kanu jadi anak

Arti Bahasa Indonesia
kegalak-galaknya orang tua tidak akan tega pada anaknya sendiri

Sagolék pangkék sacangreud pageuh
Arti Basa Sunda
Hanteu cidra kana jangji

Arti Bahasa Indonesia
tepat janji

Sahaok kadua gaplok
Arti Basa Sunda
Gede ambek jeung babari nampiling

Arti Bahasa Indonesia
gampang marah dan ringan tangan

Saherang-hérangna cibéas, moal hérang cara cisumur
Arti Basa Sunda
Lamun geus aya pacengkadan sok tara hadé deui cara baréto saméméh aya pacengkadan

Arti Bahasa Indonesia
jika sudah ada pertengkaran tidak seperti dulu sebelum ada pertengkaran

Sahérang-hérangna cai béas
Arti Basa Sunda
Haté hésé rido ka jelema anu geus nganyenyeri ka urang

Arti Bahasa Indonesia
hati tidak ikhlas benar-benar kepada orang yang sudah menyakiti

Sakecap kadua gobang
Arti Basa Sunda
Gampang ngambek jeung gampang ngadék deuih

Arti Bahasa Indonesia
mudah marah dan gampang menebas

Sakiriciking duit sakocopoking bogo
Arti Basa Sunda
Naon baé anu matak narik kana hate urang

Arti Bahasa Indonesia
segala sesuatu yang menarik hati