KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Saluhur-luhur punduk tara ngaliwatan hulu
Arti Basa Sunda
Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru
Arti Bahasa Indonesia
sepintar-pintarnya murid tidak akan melebihi guru
Samar polah samar rasa
Arti Basa Sunda
Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi tacan bruk-brak
Arti Bahasa Indonesia
bingung tidak jelas misalnya bertemu dengan orang yang dicintai tapi belum diungkapkan
Sangsara di geusan betah
Arti Basa Sunda
Sangat miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawé nyiar kipayah, ari hirup mah hayang kénéh
Arti Bahasa Indonesia
sangat tidak punya karena tidak mau bekerja tapi masih ingin hidup
Sapu nyéré pegat simpay
Arti Basa Sunda
Paturay tineung, papisahan
Arti Bahasa Indonesia
perpisahan
Sareundeuk saigel sabobot sapihanéan
Arti Basa Sunda
Sabata sarimbangan; Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan
Arti Bahasa Indonesia
rukun sauyunan tidak ada perpecahan dan tidak ada pertengkaran
Satengah buah leunca
Arti Basa Sunda
Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan
Arti Bahasa Indonesia
kurang sehat pikiran, gangguan jiwa
Saumur nyunyuhun hulu
Arti Basa Sunda
Saumur hirup rumingkang di bumi alam
Arti Bahasa Indonesia
seumur-umur
Sereg di buana logor diliang jarum
Arti Basa Sunda
Teu daek cicing di nu rame sabab sieun kulantaran loba kasalahan atawa dosa, karesepna cicing di nu suni
Arti Bahasa Indonesia
tidak betah tinggal di tempat ramai sebab punya banyak kesalahan
Sereg di panto logor di liang jarum
Arti Basa Sunda
Nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaéra, betahna dinu suni nu teu aya jelema
Arti Bahasa Indonesia
tidak betah di tempat yang banyak orang karena malu, atau banyak dosa. Betahnya di tempat sepi yang jauh dari orang
Seukeut ambeu seukeut deuleu
Arti Basa Sunda
Loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara
Arti Bahasa Indonesia
banyak mata-mata dan pintar mencari sumber perkara
Seukeut tambang manan gobang
Arti Basa Sunda
Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi
Arti Bahasa Indonesia
segagah dan seberani apapun orang jahat suatu saat akan tertangkap polisi
Seuneu hurung cai caah
Arti Basa Sunda
Keur ambek, keur amarah, keur napsu
Arti Bahasa Indonesia
sedang marah, sedang emosi
Seuneu hurung dipancaran
Arti Basa Sunda
Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah
Arti Bahasa Indonesia
yang sedang emosi ditambahin sesuatu yang bikin kesal jadi tambah marah
Sebelumnya
36
37
38
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.