PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Seungit angin-anginan
Arti Basa Sunda
Seungit pisan meleber ka mana-mana

Arti Bahasa Indonesia
harum ke mana-mana

Seuseut batan neureuy keueus
Arti Basa Sunda
Hésé pisan

Arti Bahasa Indonesia
sangat susah

Siga careuh bulan
Arti Basa Sunda
Diwedak kandel artinya memakai bedak tebal

Arti Bahasa Indonesia

Silih jenggut jeung nu gundul
Arti Basa Sunda
Ménta tulung ka anu sarua butuhna atawa sarua henteu boga

Arti Bahasa Indonesia
minta tolong pada orang yang sama butuh atau tidak punya

Sing asak-asak nya ngéjo bisi tutung tambagana
Arti Basa Sunda
Cangkang sisindiran sing asak nenjo bisi kaduhung jagana

Arti Bahasa Indonesia
harus hati-hati supaya tidak menyesal akhirnya

Sirung ngaliwatan tunggul
Arti Basa Sunda
Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa

Arti Bahasa Indonesia
rejeki anak melewati bapak

Sosoroh ngadon kojor
Arti Basa Sunda
Datang nyampeurkeun pati atawa kikiriman lantaran aya pangarahan tapi kalahka meunang wiwirang jeung karugian

Arti Bahasa Indonesia
datang menyerahkan nyawa atau mengirim sesuatu karena ada keinginan tapi bukannya untung malah rugi dan menanggung malu

Taktak moal ngaluluhan sirah
Arti Basa Sunda
murid moal ngaluluhuran guru, bawahan moal ngaluluhuran dunungan, anak moal ngaluluhuran kolot, adi moal ngaluluhuran lanceuk, jeung sajabana

Arti Bahasa Indonesia
murid tidak akan melebihi guru, bawahan tidak akan melebihi atasan, anak tidak akan melebihi orang tua, adik tidak akan melebiri kakak

Tamiang meulit ka bitis
Arti Basa Sunda
Malindes ka diri sorangan

Arti Bahasa Indonesia
sama dengan peribahasa senjata makan tuan, yaitu menerima akibat dari kelakuan jahat sendiri

Tarajé nangeuh dulang pinandé
Arti Basa Sunda
Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta bener

Arti Bahasa Indonesia
setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar

Taya halodo panyadapan
Arti Basa Sunda
Terus digelendeng atawa dicarékan

Arti Bahasa Indonesia
terus-terusan dimarahi

Taya tangan pangawasa
Arti Basa Sunda
Lungse henteu boga tanaga

Arti Bahasa Indonesia
lemas tidak bertenaga

Téng anak téng, anak merak kukuncungan
Arti Basa Sunda
Sipat anak teu jauh ti sipat kolotna

Arti Bahasa Indonesia
sifat anak tidak jauh beda dari sifat orang tuanya, sifat orangtua menurun kepada anaknya