PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Teu aya sarebuk samerang nyamu
Arti Basa Sunda
Teu aya saeutik eutik acan

Arti Bahasa Indonesia
tidak ada sedikitpun

Teu beunang dikoét kunu kékéd
Arti Basa Sunda
Korét kacida, tara pisan daek nulung ka nu butuh nalang ka nu susah

Arti Bahasa Indonesia
sangat pelit tidak suka membantu orang yang membutuhkan

Teu boga pikir rangkepan
Arti Basa Sunda
Teu boga curiga saeutik eutik acan

Arti Bahasa Indonesia
tidak waspada atau tidak punya rasa curiga sedikitpun

Teu busik bulu salambar
Arti Basa Sunda
Teu régrog, malah unggul dina juritna

Arti Bahasa Indonesia
tidak luka atau menang dalam pertempuran

Teu cari ka Batawi tapi ka salaki
Arti Basa Sunda
Awéwé mah teu usaha tapi ngadahar jeung maké hasil pangarah salaki

Arti Bahasa Indonesia
perempuan tidak bekerja tapi makan dan memakai pakaian hasil usaha suami /Jaman sekarang banyak perempuan yang bekerja

Teu didingding kelir
Arti Basa Sunda
Teu dibuni-buni, ditembrakeun, teu dirasiahkeun

Arti Bahasa Indonesia
tidak disembunyikan, tidak dirahasiakan, tidak ditutup-tutupi, diceritakan apa adanya

Teu dipiceun sasieur atawa teu miceun sasieur
Arti Basa Sunda
Sarua pisan teu aya bédana saeutik eutik acan

Arti Bahasa Indonesia
sangat mirip tak ada bedanya

Teu ditari teu ditakon
Arti Basa Sunda
Teu waro diantep baé teu ditanya tanya acan

Arti Bahasa Indonesia
dibiarin tidak ditanya tidak disapa

Teu gugur teu angin
Arti Basa Sunda
Teu aya beja atawa taya cicirén

Arti Bahasa Indonesia
tidak ada pertanda atau kabar sebelumnya

Teu ihir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro acan
Arti Basa Sunda
Teu dulur, lain baraya, deungeun deungeun

Arti Bahasa Indonesia
bukan saudara, bukan keluarga, orang lain/asing

Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah
Arti Basa Sunda
Nya goréng rupana nya goréng kalakuanana sok daék pulang paling

Arti Bahasa Indonesia
tidak bagus wajah dan kelakuannya lalu suka mengambil barang orang

Teu mais teu meuleum
Arti Basa Sunda
Teu aya patalina pisan, teu pipilueun

Arti Bahasa Indonesia
tidak ikut berbuat, tidak ada hubungannya, tidak ikut-ikutan

Teu ngalarung nu burung, teu nyésakeun nu édan
Arti Basa Sunda
Ngalajur napsu ka awéwé, ka anu halal jeung anu haram oge disaruakeun baé

Arti Bahasa Indonesia
mengikuti hawa nafsu bermain perempuan tanpa peduli halal dan haram