KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata
Arti Basa Sunda
Ngadéngé jeung nenjo sorangan lain cenah jeung baruk
Arti Bahasa Indonesia
mendengar dengan telinga sendiri dan melihat dengan mata sendiri, bukan katanya
Teu nyaho di alip bingkeng
Arti Basa Sunda
Teu bisa maca-maca/ngaji-ngaji acan
Arti Bahasa Indonesia
Tidak bisa membaca atau tidak bisa ngaji satu huruf pun
Teu puguh alang ujurna
Arti Basa Sunda
Teu puguh tungtungna, teu bérés
Arti Bahasa Indonesia
tidak jelas benang merahnya, tidak beres
Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang
Arti Basa Sunda
Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus pisan
Arti Bahasa Indonesia
harus kenal dan akrab sebab akibatnya sangat baik
Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal
Arti Basa Sunda
sakujur awak
Arti Bahasa Indonesia
sekujur badan dari atas rambut sampai alas kaki tanpa kecuali
Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban
Arti Basa Sunda
Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan
Arti Bahasa Indonesia
beberapa kali/sering mengalami kerugian
Tiis ceuli herang mata
Arti Basa Sunda
Tengtrem atawa ngarasa sugema ku kaayaan
Arti Bahasa Indonesia
tentram dengan kondisi yang ada, keadaan yang bikin tentram dan bahagia
Tikoro andon péso
Arti Basa Sunda
Ngadeukeutan jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang
Arti Bahasa Indonesia
mendekati orang yang akan menghukum atau melukai diri kita
Tinggar kalongeun atawa teunggar kalongeun
Arti Basa Sunda
Teu sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarékan
Arti Bahasa Indonesia
tidak takut atau tidak nurut karena terlalu sering dimarahin atau dibentak
Tipu keling ragaji Inggris
Arti Basa Sunda
Pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa nipu batur
Arti Bahasa Indonesia
pintar dalam hal kejahatan atau ngebohongi orang lain
Titip diri sangsang badan
Arti Basa Sunda
Mihapékeun manéh
Arti Bahasa Indonesia
mentipkan diri
Titirah ngadon kanceuh
Arti Basa Sunda
Arek nyiar kasenangan tapi kalah pinanggih jeung kasusah nu leuwih gedé
Arti Bahasa Indonesia
ingin mencari kesenangan tapi malah mendapat kesusahan yang lebih besar
Totopong heureut dibébér-bébér, tangtu soéh
Arti Basa Sunda
Nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu matak jadi susah atawa pangala saeutik, ari keperluan jeung pangaluaran anu sakitu lobana
Arti Bahasa Indonesia
mencukupi keperluan yang banyak dengan penghasilan yang sedikit, jelas susah
Sebelumnya
39
40
41
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.