KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Tugur tundang cuntang gantang
Arti Basa Sunda
Ngajalankeun pagawéan pikeun Nagara, babakti ka nagara
Arti Bahasa Indonesia
menjani pekerjaan untuk berbakti pada nusa dan bangsa
Tunggul dirarud catang dirumpak
Arti Basa Sunda
Euweuh anu dipikasérab, terus baé ngalajur napsu
Arti Bahasa Indonesia
mengikuti hawa nafsu tanpa ada yang ditakuti
Tunggul sirungan, catang supaan
Arti Basa Sunda
Aya kajadian anu goréng atawa matak teu genah ahirna
Arti Bahasa Indonesia
ada kejadin buruk atau masalah di kemudian hari/di akhir
Ulah beunghar méméh boga
Arti Basa Sunda
Ulah adigung nyéta-nyéta anu beunghar, bari taya kaboga
Arti Bahasa Indonesia
jangan sombong seolah-olah kaya padahal tidak punya
Ulah cara ka malati kudu cara ka picung
Arti Basa Sunda
Ulah bosenan ka pamajikan, tong ngurangan kanyaah tapi beuki lila téh kudu beuki nyaah
Arti Bahasa Indonesia
jangan mengurangi rasa sayang, makin lama harus makin sayang
Ulah kabawa ku sakaba-kaba
Arti Basa Sunda
Junun, ulah kabawa ku nu teu puguh, ulah kabawa ngalampahkeun kagorengan
Arti Bahasa Indonesia
tetap pada pendirian yang baik, jangan terbawa arus tidak baik
Ulah keok méméh dipacok
Arti Basa Sunda
Ulah sieun saacan ngalakonan
Arti Bahasa Indonesia
jangan kalah/menyerah sebelum berbuat
Ulah leutik haté
Arti Basa Sunda
Ulah sieun atawa putus pangharepan
Arti Bahasa Indonesia
jangan berkecil hati, jangan putus harapan
Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang
Arti Basa Sunda
Uah lali tina purwadaksina, ulah jalir jangji
Arti Bahasa Indonesia
harus bisa dipegang jangan lupa diri, jangan ingkar janji
Ulah muragkeun duwegan ti luhur
Arti Basa Sunda
Masing nyaah kana rejeki meunang hésé capé ladang késang, pacuan arék dimonyah-monyah
Arti Bahasa Indonesia
harus sayang pada rejeki hasil jerih payah jangan dihambur-hamburkan
Ulah ngaliarkeun taleus ateul
Arti Basa Sunda
Ulah nyeubarkeun pitnah
Arti Bahasa Indonesia
jangan menyebarkan fitnah
Ulah ngukur baju sasereg awak
Arti Basa Sunda
Ulah nyimpulkeun perkara ceuk sorangan
Arti Bahasa Indonesia
jangan menyimpulkan menurut diri sendiri
Ulah nyaliksik ku buuk leutik
Arti Basa Sunda
Ulah nyangsarakeun rakyat leutik
Arti Bahasa Indonesia
jangan menyengsarakan rakyat kecil
Sebelumnya
40
41
42
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.