PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Aya pikir kapingburi
Arti Basa Sunda
aya kahayang anu timbul pandeuri atawa sanggeus lila ditimbang-timbang asal teu hayang jadi hayang

Arti Bahasa Indonesia
ada keinginan yang muncul belakangan, setelah ditimbang-timbang asalnya tidak mau jadi mau

Ayak-ayak béas, nu badag moncor nu lembut nyangsang
Arti Basa Sunda
kaayaan anu teu sawajarna upamana baé anu dihukum téh anu teu pira kasalahanana, ari nu gedé kasalahanana teu dihukum

Arti Bahasa Indonesia
menunjukkan pada keadaan yang tidak sewajarnya. Misalnya orang yang tidak bersalah dihukum, sedangkan yang bersalah tidak dihukum

Ayakan tara meunang kancra
Arti Basa Sunda
nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana

Arti Bahasa Indonesia
orang bodoh dan orang pintar tidak akan sama derajat dan penghasilannya

Babon kapurba ku jago
Arti Basa Sunda
awéwé kudu nurut ka salaki

Arti Bahasa Indonesia
istri harus nurut pada suami

Bali geusan ngajadi
Arti Basa Sunda
lemah cai tempat kalahiran

Arti Bahasa Indonesia
kampung halaman tanah kelahiran

Balung kulit kotok meuting
Arti Basa Sunda
teu eureun-eureun nyeri haté ti baheula nepi ka kiwari

Arti Bahasa Indonesia
tidak henti-hentinya sakit hati dari dulu sampai sekarang

Balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan
Arti Basa Sunda
rido, iklas, suka pisan

Arti Bahasa Indonesia
sangat ikhlas, ridho dan tidak ada kebencian sedikit pun

Banda sasampiran, nyawa gagaduhan
Arti Basa Sunda
ulah boga angkeuhan yen banda jeung nyawa bisa diatur ku urang

Arti Bahasa Indonesia
jangan punya anggapan harta dan umur punya kita, semua hanya titipan

Banda tatalang raga
Arti Basa Sunda
lamun urang papanggih jeung karerepet, upamana gering ulah lebar ngajual barang nu aya pikeun ngubaran awak sangkan cageur

Arti Bahasa Indonesia
jangan sungkan menjual barang untuk menolong diri, misalnya menjual barang untuk berobat supaya sembuh lagi

Banteng ngamuk gajah meta
Arti Basa Sunda
kajadian atawa ririweuhan anu dipikasieun jeung dipikagigis

Arti Bahasa Indonesia
kejadian atau peristiwa yang menakutkan

Batan kapok kalah gawok
Arti Basa Sunda
lain eureun tapi kalah beuki maceuh atawa kalah deudeuieu

Arti Bahasa Indonesia
bukan berhenti atau kapok malah mau lagi atau terus-terusan

Batok bulu eusi madu
Arti Basa Sunda
tumiba lain kana pitempateunana

Arti Bahasa Indonesia
bukan pada tempatnya/ tidak pantas

Batok kohok piring semplék
Arti Basa Sunda
parabotan nu euweuh hargana

Arti Bahasa Indonesia
perabotan yang tidak ada nilainya/ harganya