KASUNDAN
Kamus
Paribasa
Blog
User
PARIBASA SUNDA - INDONESIA
Paribasa
Arti
Cari
Reset
Batu turun keusik naék
Arti Basa Sunda
cangkang sisindiran nu hartina itu purun kuring daék, dilarapkeun ka jalma anu sarua micintana
Arti Bahasa Indonesia
sama-sama mau, sama-sama suka, sama-sama setuju, atau sama-sama cinta
Batur ngaler ieu ngidul
Arti Basa Sunda
teu sarua jeung nu keur diomongkeun ku batur
Arti Bahasa Indonesia
tidak sesuai dengan topik pembicaraan orang lain atau OOT (out of topic)
Bau-bau sinduk
Arti Basa Sunda
baraya kénéh sanajan laér
Arti Bahasa Indonesia
masih saudara meskipun jauh (jauh hubugannya, bukan jauh jaraknya)
Béak ka lebu-lebuna
Arti Basa Sunda
ledis, harta benda teu nyesa saeutik-eutik acan
Arti Bahasa Indonesia
ludes, harta benda tidak tersisa sedikitpun
Bébék ngoyor di sagara, rék nginum néangan cai
Arti Basa Sunda
lubak-libuk tapi henteu bisa kapaké lantaran lain hakna
Arti Bahasa Indonesia
banyak harta tapi tidak bisa dipakai sebab bukan hak miliknya
Beuheung teukteukeun suku genteng belokeun
Arti Basa Sunda
sadaya-daya rek dikumaha oge pasrah
Arti Bahasa Indonesia
pasrah mau diapa-apain juga sebab merasa bersalah
Béja mah béja
Arti Basa Sunda
béja ulah waka dipercaya
Arti Bahasa Indonesia
informasi yang belum dibuktikan sendiri jangan dulu dipercaya sebab belum jelas kebenarannya
Belang bayah gindi pikir
Arti Basa Sunda
boga pikiran goreng ka papada kawula
Arti Bahasa Indonesia
punya pikiran jelek pada sesama manusia
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Arti Basa Sunda
babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa cilaka
Arti Bahasa Indonesia
bersama-sama dalam berbagai keadaan, baik bahagia atau tidak
Bentik curuk balas nunjuk, capétang balas miwarang
Arti Basa Sunda
kabisana ngan nitah, teu daék prak sorangan
Arti Bahasa Indonesia
bisanya cuma nyuruh dirinya sendiri tidak mau bekerja
Beungeut nyanghareup ati mungkir
Arti Basa Sunda
naon nu diucapkan henteu terus jeung haté
Arti Bahasa Indonesia
ucapannya tidak sesuai dengan hati, mukanya A hatinya B
Beunghar méméh boga
Arti Basa Sunda
loba kahayang nu teu saimbang jeung kaayaan atawa kaboga dirina
Arti Bahasa Indonesia
banyak keinginan yang tidak seimbang dengan kondisi dirinya
Beurat nyuhun beurat nanggung
Arti Basa Sunda
pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali
Arti Bahasa Indonesia
berterima kasih yang tidak terhingga sehingga sulit diucapkan dengan kata-kata
Sebelumnya
6
7
8
Selanjutnya
Ready to Leave?
×
Select "Logout" below if you are ready to end your current session.