PARIBASA SUNDA - INDONESIA


Reset

Beurat nyuhun beurat nanggung
Arti Basa Sunda
beurat narimakeun nana hartina kacida narimakeunana kana kahadéan batur, lantaran ditulungan dina waktu keur kacida butuhna

Arti Bahasa Indonesia
sangat berterima kasih atas kebaikan orang sehingga rasa terima kasih itu susah diungkapkan

Beuteung mutiktrik berekat meunang
Arti Basa Sunda
dahar seubeuh di nu hajat, ari balik mawa berekat

Arti Bahasa Indonesia
makan kenyang pulang membawa bingkisan

Beuteung si éta mah ruas bungbas
Arti Basa Sunda
teu aya kaseubeuhan

Arti Bahasa Indonesia
tidak pernah kenyang

Bilatung ninggang dagé
Arti Basa Sunda
bungah pisan

Arti Bahasa Indonesia
sangat senang, sangat gembira, sangat bahagia

Bilih aya turus bengkung
Arti Basa Sunda
bisi salah pokpokanana

Arti Bahasa Indonesia
takutnya salah perkataannya

Bisa ka bula ka balé
Arti Basa Sunda
bisa campur jeung jelema ti rupa-rupa golongan, bisa kaditu kadieu atawa bisa gawé kasar jeung gawé lemes

Arti Bahasa Indonesia
bisa bergaul dengan orang dari berbagai golongan, bisa masuk ke sana ke mari, atau bisa bekerja apapun

Bisi aya ti cai ti geusan mandi
Arti Basa Sunda
bisi aya nu kasigeung atawa ka-toél mamaras rasana

Arti Bahasa Indonesia
takutnya ada yang tersinggung perasaan

Biwir nyiru rombéngeun
Arti Basa Sunda
resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban/rusiah boh nu sorangan boh nu batur

Arti Bahasa Indonesia
suka menyebarkan rahasia/ aib sendiri atau orang lain

Biwir sambung lémék, suku sambung léngkah
Arti Basa Sunda
hartina henteu milu kana tanggung jawabna mah, ngan ieu mah saukur nepikeun duméh jadi utusan, ngemban timbalan tinu lian

Arti Bahasa Indonesia
tidak ikut bertanggung jawab cuma menyampaikan pesan sebab diutus

Bluk nyuuh blak nangkarak
Arti Basa Sunda
kabina-bina rajina dina enggoning nyiar kipayah

Arti Bahasa Indonesia
sangat rajin mencari nafkah

Bobo sapanon carang sapakan
Arti Basa Sunda
aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa karuksakanana

Arti Bahasa Indonesia
ada kecewa sebab ada kekurangan atau kerusakannya

Bobot pangayun timbang taraju
Arti Basa Sunda
kabéh anu dipigawé kudu pinuh tinimbangan

Arti Bahasa Indonesia
semua yang dikerjakan harus penuh pertimbangan

Boga pikir rangkepan
Arti Basa Sunda
henteu bolostrong atawa henteu ujug-ujug percaya kana omongan batur anu manis

Arti Bahasa Indonesia
waspada, tidak mudah percaya pada kata-kata manis